Sabtu, 28 Mei 2011

Wangsit Siliwangi

Filled under:

WANGSIT SILIWANGI

Di sabudeureun leuweung pajajar memang kapanggih rupa-rupa carita ngeunaan prabu siliwangi, tokoh legendaries nu kacuda pisan po;ulerna di tatar sunda. Geus loba nu nyukcruk saha saenyana prabu siliwangi the. Aya nu nyebutkeun gelar keur prabu niskala wastukancana, aya oge nyebutkeun gelar keur sri baduga maharaja.
Masyarakat nu dumuk di sabudeureun leuweung pajajar nu kabawa ka desa pajajar, rajagaluh, kabupaten majalengka oge mikawanoh nu katelah ku sebutan Wangsit siliwangi. Ngeunaan ramalan atawa toongan nasib jeung kaayaan urang sunda ka hareup atawa jaga. Wangsit siliwangi loba nu percaya bakal ngawujud, komo ayeuna geus aya tanda-tandana.
Wangsit siliwangi teh aya sababaraha versi, di antarana:
Turunan Ngaing sakabeh. Isuk jaganing pageto, ngaing bakal datang ngalanglang mantuan ka nu susah, nulungan ka nu butuh. Tapi ngan ka nu hade hatena, ka nu alus lampahna. Kami dina datangna moal kadeuleu, dina carekna moal kadenge, sabab ngajirimna ku wawangi. Ieu kami mere pancen, ka dia jeung turunan dia.
Ti mimiti poe ieu pajajaran leungit ti alam hirup.. leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal rea nu malungkir! Tapi engke jaga bakal aya un nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba un arieu aing pang pinterna. Mudu aredan heula.
Nitip ieu Sunda Sajati, reujeung dayeuhna, un bihari tempat ngancik. Dina waktu ka hareup, ngaing bakal tempo, ka dia jeung turunan dia, pancen ngaing naha dipigawe? Amun dia jeung turunan dia, tetep tejer dina Sundayana, dia jeung turunan dia moal susah lalampah, moal buntu lumaku. Baris kreta, bakal raharja, ngajadi Siliwangi anu satuluyna.
Darengekeun! Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, lamun Gunung Gede anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui sabab ngadeg ratu adil, ratu adil nu sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna eta ratu ? Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon !

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan Tinggalkan Pesan Di sini